DANGDINGAN NIAT BADE NGAOS


DANGDINGAN
NIAT BADE NGAOS
Membaca :
1.     Surat Al-Fatihah
2.     Surat At-Tin
3.      Surat Al-insirorh / alam nasroh

Dupi nganiatan ngaos seueurna 4 perkawis , 1 niat karena Allah ngalakonan parentahna , ka 2 na niat miceun kabodoan awak abdi supaya janteun salamet , salameut dunya akherat , ka 3 na niat ngaos ngahirup-hirup agami  , agamina kanjeung Nabi , Nabi utusan ilahi , ka 4 na upami tos timu , niat bade di lakonan , di lakonan ku sorangan , sareung sadaya rerencangan.

رَبَّ اشْرَحْ لِيْ صَدْرِيْ , وَيَسِّرْلِيْ اَمْرِيْ , وَاحْلُلْ عُقْدَةً مِنْ لِّسَانِيْ , يَفْقَهُوْاقَوْلِيْ

Mugi Gusti ngajeumbarkeun , ngaleugakeun hate Abdi , sing tiasa Abdi nampi , kana elmu anu suci , sareng di paparin cekas , eces jentre lisan Abdi , janteun pangajak pituduh kanggo sadaya makhlukna, kanggo makhluk sadayana.


NIAT RENGSE NGAOS

رَبِّ انْفَعْنَا بِمَاعَلَّمْتَنَا , رَبِّ عَلِّمْنَا اَلَّذِيْ يَنْفَعُنَا , رَبِّ فَقِهْنَاوَفَقِهْ اَهْلَنَا , وَقَرَابَاتٍ لَّنَافِيْ دِيْنِنَا

Mugi Gusti Allah ngamanfa’atkeun , kana elmu anu di pasihkeun , mugi gusti ngawurukeun , kana elmu di manfa’atkeun , mugi kersa Gusti ngartoskeun , ka Abdi sareung ka ahlina , ka sadaya baraya Abdi , kana elmu agamina.

ﺗَﻮَﺳّﻠْﻨَﺎ ﺑِﺘَﻌَﻠُﻢٍ  ﺗَﻮَﺳَﻠْﻨَﺎ ﺑِﺘَﻌْﻠِﻴْﻢٍ  ﺍَﻥْ ﺗَﺮْﺯُﻗَﻨَﺎ ﺍﻟْﻮَﺍﺳِﻌَﺔٍ  ﻭَﺍَﻥْ ﺗَﺮْﺯُﻗَﻨَﺎ ﺍْﻷَﻣَﺎﻧَﺔٍ

Abdi tawasul ku pangosan , Abdi tawasul ku pang wurukan , mugi Gusti ngarizqian kajembaran ka amanan.
صَلَّى اللهُ رَبُّنَا عَلَى الْنُّوْرِالْمُبِيْنْ , اَحْمَدًا لِّلْمُصْطَفَى سَيِّدِ الْمُرْسَلِيْن , وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ اَجْمَعِيْن , وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ اَجْمَعِيْن X۳

Do’a anu biasa didangdingkeun di pondok pesantren Al-Anshor Margahayu Bandung ditulis ulang ku al faqir  Irwan Mustofa Al-Cisireumi Cianjuri

Komentar